Saturday 19 March 2016

Pangandika Gusti Allah



pangan dika gusti alloh ta’ala anu kocap dinu qu’an qulu nafsin daikotul maut, ari hartina lapad eta sagala jelema kabeh geus tangtu yen bakal mati sababna cicing didunya ngumbara bae. ari pegeusaneun balik jalma eta dicawisan kupangeran enggon anu lewih mulya sawarga dalapan pangkat jalana kasawarga kakanten panjang.

ari lampah tilu rebu taun eta, lewih lembut batan buuk, leuwih seukeut batan gobang, leuwih poek batan poek batan peuting, leuwih panas batan seuneu, nanjakna sarebu taun, datarna sarebu taun, turuna sarua bae sarebu taun. ari sahandapeun cukang eta ngarana raka jahanam ngagulak ampul-ampulan, ti bumi nepi kalangit ngaguruh kabeh sajagat upama lamun diteundeung sarua jeung liang jarum di teundeun di alam dunya ancur sakabeh.

ari patrol dinu cukang eta jumlahna tujuh perkara sahiji patrol sahadat lamun sampurna sahadat tanggtu menang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigubrag. lan kaping do patrol solat lamun sampurna solatna tangtu menang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigubrang. lan kaping telu patrol zakat, lamun sampurna zakatna tangtu meunang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tanggtu tigubrag. lan kaping pat patrol puasa lamun sampurna puasa tangtu meunang liwat jalan puasa mun lalawora tangtu tigubrag. lan kaping lima patrol munggah haji lamun sampurna hajina tangtu meunang liwat jalan upama geus boga bekel tacan geuwat munggah haji sanajn geus jadi haji tacan timu ilmu sahna tangtu tigubrag. lan kaping nem patrol adus junub lamun sampurna adusna tangtu meunang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigebrus. lan kaping pitu patrol hurmat ka indung reujeung ka bapa reujeung hurmat ka tatangga reujeungna silaturahmi kasana ka kulawarga jeung teu nyacad ka tatangga tangtu salamet. uapama meunang doraka ti indung reujeung ti bapa nganiyaya ka tatngga reujeungna teu silaturahmi ka sana ka kulawarga reujeung nyacad ka tatangga tangtu ti gubrag.

“pasal warnana bapa”
utawi warnaning bapa eta jumlahna tilu perkara sahiji bapa tegeus, lan kaping do bapa pamajikan, lan kaping telu anu muruk awak urang jalan agama, ari hurmat kanu muruk eta jumlahna genep perkara sahiji ulah nyebut jenengan guru, lan  kiping do ulah wani-wani diuk dina pancalikan guru sumawona diuk ngarendeng pateupung tuur, lan kaping telu ulah seuseurian di payuneun guru, lan kaping pat ulah ngomong bedas teuing di pauneun guru, lan kaping lima ulah miheulaan leumpang anging lamun dipiwarang, lan kaping nem ulah ngomong tambuh-tambuh lamun heunteu aya-aya pi paedaheunana. karna hadits kangjeung nabi hakna anu muruk eta heunteu kudu loba-loba sajanan aya sahurup sumawona sakalimat lamun datang katimuna pasti jadi guru, payan bagil lilmuta’alimi ayu qiro nafsahu hartina tea kisantri geus wajib piasan ngahinakeun awak maneh kanu muruk ngelmu tea karena alloh, dalilna tea lian fa’a ilmuhu pidunya wal akhiroh supaya mangpaat elmu di dunya aherat, sarta pangan dika umar saha-saha anu sengit kisantri kaguruna ana geus di pecat nyawa teu mawa iman. sarta pangan dika umar wama layat bi’ahu upama heunteu ngagugu kisantri kaguruna ana geus di pecat nyawa teu mawa agama jeung deui upama mungkir kisantri kaguruna diturunan kubalai jumlahna tilu perkara rejekina dijauhkeun ku gusti alloh, lan kaping do lali kana elmu tea, lan kaping telu paehna teu mawa iman meunang nukil tinu kitab nihayatul matlab.
“pasal rukun islam”
utawi rukuning islam eta jumlahna lima perkara sahiji sahdat sarta reujeung hartina saupama heunteu harti wajib tatanya, lan kaping do solat lima waktu saupama heunteu solat teungteuingeun kana nyawa reujeung kana badan sabab seuweu putu nabi adam heunteu idin tinggal solat sanajan nu gering ruksak pon kudu bae upama teu weurat nangtung kudu bari duik bae atawa bari nyangigir.

"teu acan Rengse"


Aplikasi Rental Mobil


1.1    Latar Belakang Masalah

     Di era globalisasi sekarang semua teknologi semakin berkembang pesat. Dengan perkembangan teknologi itu pasti akan berpengaruh terhadap kehidupan di muka bumi. Pengaruh tersebut sangat dirasakan oleh manusia dalam memenuhi kebutuhan sehari-hari. Perubahan kehidupan zaman sekarang sangat drastis dibandingkan zaman dahulu.

BILAL TARAWEH




BILAL KA 1

  1. LAA ILAA HA ILLALLOH WAHDAHUU LA SYARII KALLAH LAHUL MULKU WALAHUL HAMDU YUH YII WAYU MIIT WAHU WA HAYYUN DAA IMUN KOO IMUN LAYA MUTU BIADIKAL KHOIR WA HUWA ALLA KULLI SYAING KODIR ALLOHUMMA SOLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMA SOLLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMMA SOLLI ALLA SYAYI DIINA WAHABIBINA WA SYAFI IINA WA MAULAANA MUHAM MAD, AS SOLATA SUN NATAN MINAT TARAWEHI ROK ATAINI JAMI ATUR ROHIMA KUMULLOH,

  2. ALLOHUMMA SYOLLI WA SALLIM WA BAARIK AMIIN… ALLOHUMMA INNA NAS ALUKA RIDWANAKA WA JANNATAKA WANA UDZU BIKA MIN ADA BINNAR ALLO HUMMA AZIR NA MINANNAR YA MUZIBU YAMUJIRU BIROH MATIKA YA ARHAMAR ROOHIMIN, ALBADRU MUHAMMAD ALLOHUMA SOLLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMMA SOLLI ALA SAYYI DINA WAHABIBINA WASAFI INA WA MAULAANA MUHAMMAD…ASSOLATA SUNATAN MINATTARAWEHI ROK ATAINI JAMI ATUR ROHI MA KUMULLOH.

  3. ALLOHUMA SYOLI WASALLIM WABARIK AMIN… ALLOHUMMA INNA NAS ALUKA RIDWANAKA WA JANNATAKA WANA UDZU BIKA MIN ADA BINNAR ALLOHUMMA AZIR NA MINANNAR YA MUZIBU YAMUJIRU BIROH MATIKA YA ARHAMAR ROOHIMIN, KHOLIPATU ROSULILLAHI SAW ABU BAKAR SIDIK RODIALLOHU ANHU ALLOHUMA SOLLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMA SOLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMMA SOLLI ALA SAYYIDIINA WAMAU LAANA MUHAMMAD, ASOLLATA SUNATAN...

  4. ALLOHUMMA SOLLI WA SALLIM WA BARRIK AMIIN… ALLOHUMMA INNA NAS ALUKA RIDWANAKA WA JANNATAKA WANA UDZU BIKA MIN ADA BINNAR ALLOHUMMA AZIR NA MINANNAR YA MUZIBU YAMUJIRU BIROH MATIKA YA ARHAMAR ROOHIMIN, AMIRUL MU’MINIIN UMAR BIN KHOTOB RODIALLOHU ANHU. ALLOHUMA SOLLI ALA MU HAMMAD…

  5. ALLOHUMA SYOLI WASALLIM WABARIK AMIN… ALLOHUMMA INNA NAS ALUKA RIDWANAKA WA JANNATAKA WANA UDZU BIKA MIN ADA BINNAR ALLOHUMMA AZIR NA MINANNAR YA MUZIBU YAMUJIRU BIROH MATIKA YA AR HAMAR ROOHIMIN, AMIRUL MU'MINIINA USMAN BIN APAN RODIALLOHU ANHU...
  6. SUBHANA MALIKIL KUDDUS SUBHANA DIL MULKI WAL MALAKUUT SUBHANA DIL IZZI WAL ADOMATI WAL HAI BATI WALKIBRIYAAI WASSULTONI WALJALALI WALKAMALI WAZZABARUUT SUB HANA MALIKIL MA'BUUD SUBHANA HAYYUL KOYYUUM ALLADZI LAYA NAMUU WALAYAMUUT WALA YAPUUTU ABADAN ABADAA DIL JALALI WAL IKROM SUBBUHUN KUDDUSUN ROBBUNA WAROBBUL MALAAIKATI WARRUUH SUBHANALLOH WALHAMDULILLAH WALA ILAHA ILLAWLLOH WALLOHU AKBAR WALA HAULA WALA KUWWATA ILLA BILLAHIL ALIYYIL ADZIM ALLOHUMMA SOLLI WA SALLIM WABARIK AMIIN. ALLOHUMAJ AL BIL IIMANI KAA MILIN WALIL PAROO IDI MU AD DZIIN WALIS SHOLATI HAA PI DIIN WALIZZAKAATI PAA ILIIN WALIMA INDAKA TOO LIBIIN WALI AP WIKA ROOJIIN WABIL HUDA MUTAMAS SYIKIIN WA ANIL LAGWI MU,RI DIIN WAPID DZU NYA JAA HIDIIN WAFIL AA KHIROTI ROO GI BIIN WABIL KO DOOI ROO DIIN WALIN NA,MAA I SYAKIRIIN WA ALAL BALAA I SOO BIRIIN WA TAHTA LIWAA I MUHAM MADIN SO LALLOHU ALAI HI WA SAL LAM YAUMAL QIYA MATI SAA IRIIN WA ILAL HAUDI WAA RI DIIN WA ILAL JAN NATI DAA KHILIIN WAMINAN NAARI NAA JIIN WA ALA SYARII RIL KAROO MATI KOO IDIIN WAMIN HU RIL JAN NAATI MU TAJAW WIJIIN WAMIN SUN DUSIN WA IS TABROKIN WADII BAA JIN MUTALAB BISIN WAMIN TO AA MIL JANNATI AAKI LIIN WAMIL LABANIN WA ASALIN MU SOP PAN SYA RIBIIN BI AKWABIN WA ABARIKO WA KA SIM MIM MAAIIN MA AL LA DZIINA AN AMTA ALAIHIM MINAN NABIY YIIN WAS SID DIKIIN WASU HADAAI WASSOLIHIIN WAHASUNA ULAA IKA ROPIIKOO DAA LIKAL PADLU MINALLOHI WAKAPAA BILLAHI ALIIMAA IN NALLOOHA WA MALAA IKA TAHU YU SOLLUUNA ALAN NABIYYI YA AYYUHAL LADZINA AA MANUU SOLLUU ALAIHI WA SALLIMUU TASLIIMAA DA,WAAHUM PIIHA SUMHANA KALLOHUMA WATAHIYYA TUHUM PIIHAA SALAAM WA AKHIRU DA,WA HUM ANIL HAMDULILLAHI ROB BIL AALAMIIN AMIRUL MU,MINIIN ALI BIN ABU TOOLIB KAR ROMALLOHU WAJHAH ALLO HUMMA SOLLI ALA MU HAMMAD ALLOHUMA SOLLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMA SOLLI ALA SAYYIDINA WAHABIBINA WASYAFIINA WAMAULAANA MUHAMMAD ASSOLATA SUNATAN MUKODDIMAN MINAL WITRI ROK ATAINI JAMI ATUR ROHI MA KUMULLOH 8;ALLOHUM MA SOLLI ALA SAYYI DA WA HABIBINA WA SYAFI IINA WAMAU LAANA MUHAM MAD ASSO LATA SUNATAN ROK ATAL WITRI JAMI ATUR ROHI MA KUMULLOH

    BILAL KA 2

    PADLAM MINALLOHI TA’ALA WANI’MAH WAMAGFIROTAW WAROHMAH ALLOHUMMA SOLLI ALA MUHAMMAD ALLOHUMMA SOLI ALA MUHAM MAD ALLOHUMMA SOLI ALA SAYYIDINA WAHABIBINA WA SYAFIINA WAMAULAANA MUHAMMAD, ASSOLATA SUNATAN MINAT TARAWEHI ROK ATAINI JAMI ATUR ROHIMA KUMULLOH















Thursday 2 July 2015

Nadoman

para wargi para ikhwan
ku abdi nu tiluan
bade ngaoskeun nadoman
tentang penting pangajian

para santri para wargi
omat lamun eukeur ngaji
sing perhatikeun kiyayi
ulah kalah ngorek ceuli

sabab ngaosteh pitulung
 supaya ulang teu linglung
boga elmu tangtu untung
di dunia na moal bingung

cara anu  maca qur'an
tapi heuntu di tajwidan
macana bari nundutan
godana undut-undutan

teu cara mun nonton tipi
sepak bola, sinetron tahi
ningalna meni taliti
apal artis hiji-hiji

ieu jaman lucu pisan
jalma leuwih reuseup dandan
batan angkat kapangaosan
ngadigeg isin-isinan

pami angkat ka festival
palami-lami jeung awal
ngaosmah uihna enggal
dasarna bujur aseupan

kacarita dihiji desa
masjid aheng jeung lalega
molongpong euweuh eusiana
tinggal aki euweuh huntuna

sedengkeun jalma nu kapir
heunteu ngutamakeun  ulin
kana di ajarna rajin
pikeun ngahancurkeun mukmin

pek kumaha ngalawanna
sedeng duit heunteu boga
nyakitu deui senjata
komo teu bisa nyieuna

sedeng mun kapir ngaraja
pasti ngarusak agama
moal lila hujan siksa
eta kiamat ngarana

sabab kitu bapak-bapak
salagi mampumah beunta
tinggal budak jeung istrina
pariksa bacaan solatna

sabab lamun heunteu kitu
solat siga hayam nyatu
siksa dinaeaka tangtu
oray macok kana huntu

sabab kitu dulur-dulur
saislam saiman akur
hayu ngaji hayu tapakur
qur'an hadist masing masyhur

sakitu ieu nadoman
mugi janteun perhatosan
nu saena yuk candakan
banyotana mah liburan


II. (syair alam masyar)
ari ngarn masyar eta
palataran anu rata
panasna waktu harita
tujuh panon poe nyata
teu jauh ti tujuhanana
tujuh jeungkal cariosna
ngarojol kabehanana
ka jalma goreng amalna

(babawaan kajeuro kubur)
anu ngukur ka lam kubur
tilu dina hadist rosul
hiji sodakoh jariah
ani ikhlas karna allah
dua elmu nu mangpaat
sarta di alap manfaat
tilu putra anu soleh
ngadoekeun teu weleh-weleh

III. abi milari pangarti'
supaya bisa ngabukti
ka allah pangeran abdi
nu ngadamel diri abdi

sim abdi hoyong manfaat
pikeun ka sasama umat
najan di dunia akherat
jadi jalma nu  salamet

amal nyantel kan elmu
amal sepi tina elmu
ganjaran mola pinemu
balukarna kangen bendu

IV. nadoman nurul hikmah
ka allah abdi nyalindung
tin a panggodaan setan
kalayann asma nu agung
allah anu welas asih

I. allah nu maha uninga
allah nu maha uninga
kana sadaya dawuhna
mungguhing urang manusa
wajib kedah percantenna

kana qur'an ulah ham-ham
ulah was-was ragu-ragu
upami urang miham-ham
tangtos urang buntu laku

sadaya umat pangeran
kedah kenging tuduh jalan
nu mawi lumungsur qur'an
pikeun  tuduh jalan iman


tawisna nu takwa to'at
yakin ayana akherat
solatna teh tara pegat
ku allah tngtos di rahmat

2. sibih baci rejeki
mun urang nampi rejeki
rejeki pa bagi-bagi
sasama ge kabagean
rejeki silah agehan

jalma nu iman mukmin
panceg percaya tur yakin
kitabulloh nu baheula
eta ge dawuh mantena

jalma nu iman mukmin
yakina aenal yakin
yen engke teh hiru[ deui
bakal deuheus ka illahi
3. pituduh ti allah swt
mungguhing nu iman takwa
kenging pituduh mantena
hirupna kenging panungtung
henteu lesot ti panuyun

eta teh bagja utama
rahmat teu kinteun ageungna
mulus salamat hirupna
kenging pituduh mantena

nu kitu hirup rahayu
kenging pituduh lumaku
moal sasar katambias
moal ham-ham moal was-was

4. ulah ngabedul
jelema anu mantangul
hirup nyuruntul ngabedul
hese di bere pepeling
lang-lang ing-ling lir teu eling

mageran kana nafsuna
ngagulung kahayangna
aturan kabeh di rumpak
ngaruksak jeung ngagalaksak

lajeung ku alla di tutup
kalbu di bulen di rungkup
hatnateh ditulakan
pangreungeuna di cocokan

batin jadimkarunyinyi
tebih ti hidayah gusti
cilaka estu cilaka
jalma nu kitu lampahna

5. gancang omean
seueur pisan kajanteunan
ngaku0ngaku panceg iman
opadahal gagaleongan
ka imanan reureundahan

sering pisan ka alaman
pura-pura ngaku iman
ari lampah euwah-euwah
kitu salah kieu salah

lamun nyieun kasalahan
pek omean gagancangan
gancang menta di hampura
ka allah maha kuasa

kitu lampah sasab pisan
tetela nipu sorangan
tapi tong penggas hareupan
nu salah gancang omean

6. sipat jelema anu munafek
jalma munafek sifatna
mun leukeun nitena nana
sok resep nyieun alesan
keur nutupan kasalahan

kasalahan diteunbleuhkeun
geugeuleuh di kabaturkeun
hatena pinuh wejerit
kotor jeung pinuh rurujit

mun hareupeun ngomongkeun hade
tukangeun mah ngalelewe
nu kitu tong jasi sobat
sabab mindeng ngahianat

7. ulah jalir jangji
lamun urang gaduh jangji
kade ulah lanca linci
subaya kedah cumponan
sabab eta ka hormatan

jelema nu jalir jangji
eta teh sami saharti
reujeung ngarusak pribadi
henteu ngajenan ka diri

nu teu pageuh kana jangji
nu kitu munafek pasti
hirupna moal jamuga
bakal pinanggih tunggara

8. ngajaga letah
kade jag eta letah
sabab mindeng mawa salah
seukeutna leuwih ti pedang
reheutna matak gudawang

loba nu meunang cilaka
lantaran tina ngomongna
ngomong teu dipikir heula
tangtu hanjakal akhirna

ngomong ngabuih ngabuah
mindingan lampah nu salah
ngaku-ngaku iman takwa
padahal reka perdaya

iman ukur kaheureuyan
kawas bunglon lolondokan
kitu peta salah pisan
kudu gancang di jauhan

9. ulah ngaheureuykeun ayat
mangkade ulah mokaha
ngaheureuykeun pidawuhna
dipake ocon guguyon
kitu peta estu awon

jalma ngaheurueykeun ayat
moal pinarinan rahmat
jeung moal kenging sapa'at
sabab ngaheureuykeun ayat

ayat teh dawuhan gusti
lenyepan mangka kaharti
sangkan urang ulah rugi
hirup jadi ngandung harti

ayat ulah diheureuykeun
kuduna teh di hartikeun
sangkan hirup ulah rugi
tur kenging rido illahi

10. palita anu teu cahayaan
kuma pibakaleunanan
lamun pareng hiji mangsa
urang teh nyeungeut palita
tapi teu caang sinarna

kotret deui cekres deui
ngahurungkeun korek api
pareum deui pareum deui
poek deui poek deui

rejuen palitana hurung
tapi kalah tambah bingung
sabab cahayana musna
poek mongkleng buta rata

kitu minangka misilna
nu munafek ibaratna
lolong lahir jeung batina
sasab dunnya akherat

V
sim abdi bade nyepatan
ari jalma anu mumulan
kana waktu karajenan
taya pisan rarajenan

mun subuh kalah murungkut
teu kaduga ngudar simbut
digeuingkeun sing cemberut
padahal setan mah imut

majar teh kaheula anan
naekan teh tetempoan
sok  nyai akang simbutan
tunduh keneh tos rondaan

bari hudang eunggeus beurang
subuh mah teu kabagean
ngeunah di pepende setan
peupeujeuh entong eladan

lamun datang waktu lohor
kalah katungkuol ku getol
tawa kalah ludar ledor
teu beda pisan jeung bodor

lamun datang waktu asar
ngobrol kawas nu sasar
majar maneh encan dahar
rek migawe solat asar

mun datang waktu magrib mah
kalah asup ka arimah
nu kitu ngarana salah
lain anggur berjamaah

teu lamu jol eaktu isa
kalah indit ka tatangga
bari nyandak kartu tea
erek gapleh jeung tatangga

gaoleh mah sapeuting pinuh
heunteu karasaeun tunduh
ngaji mah sajamge tunduh
ka ajeungan ngarurusuh

sakieu abdi pepeling
pamugi janteun pangeling
khususna kanggo simkuring
umumna ka anu sumping

VI
mugi urang masing emut
hiji mangsa bakal maot
ari jalan saeunggeus maot
di sebat alam akherat

ari beukeul di akherat
sanes harta lain pangkat
tapi sagala ibadat
utamina ibadah solat

solat anu lima waktu
tugas muslim anu tangtu
lakonan kalayan tuhu
disarung ku hate khusu

najan bari nahan tunduh
laksanaken solat subuh
omat ulah gurung gusush
bilih heunteu kenging buruh

lohor mah opat rokaat
lakonan omat tong telat
sing khusu salila solat
poma pisan ulah ebat

nalika wanci geus sore
omat ulah sok talangke
solat asar prak pigawe
najan cape tos digawe

panon poe tunggang gunung
lebah kulon hibar layung
enggal eling kanu agung
solat magrib tong di langkung

nalika waktu geus isa
lakonan solat sing daria
nyembah allah anu kawasa
sangkan dihampura dosa

lamun urang hayang bagja
di dunya jeung akherat jaga
bekel anu kudu di bawa
iman islam rejeung takwa

iman sanes ngan pangakuan
kudu lugu jeung patekadan
di wujudkeuna kalakuan
eta kasampurnaan iman

islam sanes ngan pangakuan
kudu lugu jeung kalakuan
pasrah sumerah kana aturan
nu di tangtukeun ku pangeran

parentah allah lakonan
panyarekna jarauhan
eta bukti katakwaan
jadin sumber kabagjaan

urang kudu pinter syukur
sangkan nikmat tambah subur
sabab lamun urang kupur
azab allah pasti lungsur

syukur tina kanikmatan
nikmat islam nikmat iman
sara nikmat kasehatan
sakabeh paparin pangeran

lamun lampah remen lepat
ku dirikat dewat tobat
eureunan lampah maksiat
samemeh urang sakarat

lamun hirup loba dosa
buru-buru kudu rumasa
menta hampura ka manusa
sarta tobat kanu kawasa

hirup di kuntit ku pati
mangka kudu ati-ati
ibadah masing gumati
malar di pikarido ku gusti

omat ulah sok takabur
bedegong ka allah kupur
inget awak urang sakujur
hiji mangsa bakal di kubur

puji ka agungan allah
rohmat salam ka rosulullah
sohabat tur kawargina
pejuang agama allah

islam agama nu bener
sejahtera luas tur damai
rukuna lima utama
amalkeun masing sampurna

shahadat teh pondasina
solat teh jadi tihangna
zakat dinding shaum kusena
haji nu jadi kentengna

rukun islam teh pamahamkeun
amaliahna gerakeun
panggerakna ge di jieun
agungna islam buktikeun

shahadat kudu ngabukur
ma'rifat, mahabbah, syukur
jihad berjuang sing akur
hate ikhlas ulah kabur

shahadat teh di kuatan
tolab elmu, maca qur'an
loba dzikir kapangeran
ngalawan nafsu jeung setan

solat ge kudu ngabuah
munajat sinareung qurban
talawasun sareng imamah
kahirupan sing barokah

solat kudu di perkuat
awal waktu berjamaah
makmur masjid khusu khidmat
sing lengkap pardu jeung sunat

qobliyah ba'diyah ketat
tahajud,tasbehh jeung hajat
dhuha jeung sunat nusejena
usahakeun sing sampurna

zakat sing puguh buktina
tanmiyah jeung barokahna
ta'awun, taquddun, izzah
islam teh nyata hebatna

zakat nyata perjuangan
mun nisab geura zakatan
can nisab ge lalanyahan
dua satengah persena

ti leuleutik biasakeun
sawarehna harta bikeun
bentuk aminlin nu leukeun
sifat amanah tegakeun

shaum oge kudu nyata
sobar, tahamun, qurbana
barokah sarta wusulna
islam teh nyata tangguhna

shaum rhomadhon matepkeun
tadarus qiyam lengkepkeun
zakat fitri laksanakeun
silaturahmi kuatkeun

saum wajib sing sampurna
sunat jeung senen kemisna
arpah daud jeung liana
saumkasucianana

haji kudu bukti mabrur
iman ibadahna luhur
bisa ngagerakeun batur
umat akur islam luhur

VIII
nadom nu bakal asup surga
umat kami di cawiskeun
di surga tujuh golongan
kahiji budak nonoman
daek tobat ka pangeran

kadua jalma berehan
shodakoh teu di tembongkeun
tilu anu unggal dinten
sholat duha di dawamkeun

opat tukang berjama'ah
sanajan loba kariweuh
leungit harta heunteu susah
batan kantun berjama'ah

lima surga di cawiskeun
ka anu sok ngucur ci panon
beungeut sieun ku pangeran
dosa leutik di tobatan

ari anu kagenepna
resep ngariung ulama
ngadangukeun pituturna
hoyong bagja akheratna

tujuh asup kasowarga
jalma anu tara jinah
najan (geulis/kasep)nnu ngagoda
sieun ku siksa naraka

sholatulloh salamullaoh ala thoha rosulullah 2x
I. gera syukur 2x
ulah kufur matak ancur
jalma syukur matak makmur
dikuburna hurung mancur

II. gera eling 2x
teungah peuting rajin nyaring
hirup najan buntang buntang banting
ulah siga jalma sinting
III. gera sadar 2x
ulah sagala di dahar
najan beuteung urang lapar
ulah jadi jalma sasar
IV. gera akur 2x
ulah pasea jeung dulur
bisi diri pondok umur
di naraka jadi ancur