Saturday 19 March 2016

Pangandika Gusti Allah



pangan dika gusti alloh ta’ala anu kocap dinu qu’an qulu nafsin daikotul maut, ari hartina lapad eta sagala jelema kabeh geus tangtu yen bakal mati sababna cicing didunya ngumbara bae. ari pegeusaneun balik jalma eta dicawisan kupangeran enggon anu lewih mulya sawarga dalapan pangkat jalana kasawarga kakanten panjang.

ari lampah tilu rebu taun eta, lewih lembut batan buuk, leuwih seukeut batan gobang, leuwih poek batan poek batan peuting, leuwih panas batan seuneu, nanjakna sarebu taun, datarna sarebu taun, turuna sarua bae sarebu taun. ari sahandapeun cukang eta ngarana raka jahanam ngagulak ampul-ampulan, ti bumi nepi kalangit ngaguruh kabeh sajagat upama lamun diteundeung sarua jeung liang jarum di teundeun di alam dunya ancur sakabeh.

ari patrol dinu cukang eta jumlahna tujuh perkara sahiji patrol sahadat lamun sampurna sahadat tanggtu menang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigubrag. lan kaping do patrol solat lamun sampurna solatna tangtu menang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigubrang. lan kaping telu patrol zakat, lamun sampurna zakatna tangtu meunang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tanggtu tigubrag. lan kaping pat patrol puasa lamun sampurna puasa tangtu meunang liwat jalan puasa mun lalawora tangtu tigubrag. lan kaping lima patrol munggah haji lamun sampurna hajina tangtu meunang liwat jalan upama geus boga bekel tacan geuwat munggah haji sanajn geus jadi haji tacan timu ilmu sahna tangtu tigubrag. lan kaping nem patrol adus junub lamun sampurna adusna tangtu meunang liwat jalan lamuna heunteu sampurna tangtu tigebrus. lan kaping pitu patrol hurmat ka indung reujeung ka bapa reujeung hurmat ka tatangga reujeungna silaturahmi kasana ka kulawarga jeung teu nyacad ka tatangga tangtu salamet. uapama meunang doraka ti indung reujeung ti bapa nganiyaya ka tatngga reujeungna teu silaturahmi ka sana ka kulawarga reujeung nyacad ka tatangga tangtu ti gubrag.

“pasal warnana bapa”
utawi warnaning bapa eta jumlahna tilu perkara sahiji bapa tegeus, lan kaping do bapa pamajikan, lan kaping telu anu muruk awak urang jalan agama, ari hurmat kanu muruk eta jumlahna genep perkara sahiji ulah nyebut jenengan guru, lan  kiping do ulah wani-wani diuk dina pancalikan guru sumawona diuk ngarendeng pateupung tuur, lan kaping telu ulah seuseurian di payuneun guru, lan kaping pat ulah ngomong bedas teuing di pauneun guru, lan kaping lima ulah miheulaan leumpang anging lamun dipiwarang, lan kaping nem ulah ngomong tambuh-tambuh lamun heunteu aya-aya pi paedaheunana. karna hadits kangjeung nabi hakna anu muruk eta heunteu kudu loba-loba sajanan aya sahurup sumawona sakalimat lamun datang katimuna pasti jadi guru, payan bagil lilmuta’alimi ayu qiro nafsahu hartina tea kisantri geus wajib piasan ngahinakeun awak maneh kanu muruk ngelmu tea karena alloh, dalilna tea lian fa’a ilmuhu pidunya wal akhiroh supaya mangpaat elmu di dunya aherat, sarta pangan dika umar saha-saha anu sengit kisantri kaguruna ana geus di pecat nyawa teu mawa iman. sarta pangan dika umar wama layat bi’ahu upama heunteu ngagugu kisantri kaguruna ana geus di pecat nyawa teu mawa agama jeung deui upama mungkir kisantri kaguruna diturunan kubalai jumlahna tilu perkara rejekina dijauhkeun ku gusti alloh, lan kaping do lali kana elmu tea, lan kaping telu paehna teu mawa iman meunang nukil tinu kitab nihayatul matlab.
“pasal rukun islam”
utawi rukuning islam eta jumlahna lima perkara sahiji sahdat sarta reujeung hartina saupama heunteu harti wajib tatanya, lan kaping do solat lima waktu saupama heunteu solat teungteuingeun kana nyawa reujeung kana badan sabab seuweu putu nabi adam heunteu idin tinggal solat sanajan nu gering ruksak pon kudu bae upama teu weurat nangtung kudu bari duik bae atawa bari nyangigir.

"teu acan Rengse"


No comments:

Post a Comment